Indung, Hj. Hindasyah, urang Wanayasa Purwakarta. Bapa, H. Mamat, urang Kalapanunggal Sukabumi. Sim uing lahir di Garut, waktu bapa jadi soldadu di Korem 062/Tarumanagara. Pamajikan, Tati Purmawati, urang Warungbuah, Kota Banjar. Sakola: SDN Campaka (Dayeuhhandap), SMEP Negeri 1, SMEA Muhammadiyah; bari sakalian jadi santri kalong di Mama Ajengan Ikin, Sirahsitu, kabeh di Garut. Digedekeun di Asrama Sukadana, Garut. Terus ka Bandung: kuliah di Akademi Akuntansi Lembaga Bina Wiraswasta (A2LBW) anu ayeuna jadi STIE Tridharma, bari kuliah deui di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah/FPBS IKIP (ayeuna UPI). Pacabakan, ti mimiti diajar cubuk-cabak tepi ka kiwari, teu leupas rina soal maca, nulis, ngalamun, jeung lalajo. Karya anu mangrupa buku, leuwih ti sawidak judul, umumna buku basa Sunda. Karya sejenna: budak we tilu, tiluanana lahir di Banjar: Azka Dalila Nurilmatin, Zaki Salami Nurinsi, jeung Julian Wildan Nurfaizi. Matuh di Wanayasa, Purwakarta. Cekel gawe jadi penulis jeung editor di sababaraha penerbit di Bandung, salahsahijina Penerbit Geger Sunten.